SINDANGKASIH
sakolepat nimu
iber, waktu
maparin papasten nu nangtukeun kujur
atawa hirup nu teu kebat lantip
sugih tembong lambangna bae
apan enya, jaman nu mirucaan
sagala jadi cacandran - junti
geus baseuh ku cipamali
sanak incu sakadar mireng iberna
sawatara mangsa tutas jadi liliwatan
sakumaha jalan but-bat ngaler-ngidul
di dieu, ceuk karuhun, geus maneuh
sajarah panto sarakan
mun iber geus ngawitan undur
nu ngarti wungkul tangtungan hariwang
saha nu deuk tetep miduli ajen
sedeng urang angger tipaparetot
tinggaleun udagan?
Majalengka, 1985
ANGIN ISUK
aneh, padahal masih sperti
kamari
pamor peuting pakeupis nangkisan geugeuleuh
seubeuh disasaak impian maneuh
saban waktu saban usik saban renghap
nguniangkeun sarupaning suda
boa cadu amprok jeung sumirat, ceuk srangenge
atawa bosen sumanding beurang, ceuk nu lian
sora-sora panuding nongtoreng beuki atra
tapi jawaban teh basajan pisan, geura
: rumasa lingsem ku jaman, kaulanun
teu werat ngigelanana
Majalengka, 1994
SAJAK
JANARI LEUTIK
sakapeung
siga nu keur gugupay
ngajak nyingkahan karungsing
tapi ukur lagu nu ngambang
kumambang dina dangiang wirahma
lapat-lapat tilem timbul
: lir sora, lir pamenta
aya imut nu haripeut
ngajak nyingkahan karungsing
sakapeung
(nu tibra ngilu jempe
najan jentre mangsa rehe
ngimpi mah taya kendatna)
1985
(Tina buku kumpulan sajak Lagu Simpe, wedalan penerbit Pustaka
Kemucen, 2007)
Nini Anteh
Di Langit Bulan Nembongan
Cahayana Hurung Ngempur
Ngadamaran Alam Dunya.
Di Bulan Nini Keur Anteng
Ngentrung Ninun Kaen Poleng
Awak Nini Mani Bongkok
Balas Terus Bae Ninun
Meureun Geus Rebuan Taun.
Di Bulan Nini Bumetah
Dibaturan Candramawat
Buluna Nu Tilu Warna
Watekna Matak Diasih.
Samagaha
Bulan Di Langit Ngaleungit
Meureun Disumputkeun Naga
Bumi Alam Poek Mongkleng.
Barudak Recet Di Buruan
Sorana Patembalan
Samagaha! Samagaha!
Aya Kahariwang
Dina Hate Sewang-Sewangan
Bulan Sirna.
Ting Berebet Barudak Ka Pipir Imah
Tutunggulan Dina Lisung
Rampak Narakol Kohkol
Ngusir Naga Sina Nyingkir
Naga Nyingkah
Bulan Ngempur
Bumi Alam Caang Deui.
Sakadang Monyet Maling Cabe
Sakadang Kuya Jeung Sakadang Monyet
Suka Bungah Maling Cabe
Cabe Beureum Matak Uruy
Lada Haneut Kana Beuteung.
Seuhah Lata-Lata, Seuhah Lata-Lata
Cabe Beureum Cabe Lada
Cabe Arasak Kacida.
Keur Jongjon Datang Pa Tani
Sakadang Monyet Ngabecir
Sieun Katewak Pa Tani.
Kuya Geuwat Gancang Nyumput
Di Tempat Nu Rada Buni
Tapi Katenjoeun Manten.
Pa Tani Bungah Kacida
Daging Kuya Rek Diolah
Lumayan Keur Deungeun Sangu.
Sakadang Kuya Katewak
Dipangku Dibawa Balik
Dikurung Tukangeun Imah.
Ngalongok Sakadang Monyet
Suka Bungah Ngahilian
Cenah Bakal Dikawinkeun
Ka Anakna Bapa Tani.
Isukna Datang Pa Tani
Suka Bungah Muru Kandang
Nyoren Bedog Meunang Ngasah.
Pa Tani Ambek Kacida
Nu Aya Di Jero Kurung
Bangke Sakadang Monyet.
Monyet Morongkol Dicekel
Dibalangkeun Ka Nu Bala
Monyet Cengkat Ngarengkenek
Ngabecir Lumpatna Tarik.
PAPARAHUAN
Manintin Manuk Manintin
Paparahuan Reujeung Tunggeu
Parahuna Cangkang Bonteng
Bonteng Suri Anu Gede.
Soloyong Angkleung-Angkleungan
Kakawihan Suka Bungah
“Tin, Tin, Manintin
Gengngng!”
Katembong Ku Caladi Kundang
Ngageleber Hiber
Teup Enteup Na Parahu
Nu Tiluan Kakawihan
“Tin, Tin, Manintin
Toroktok, Tok
Gengngng!”
Kapanggih Ku Anak Monyet
Clak Tumpak Parahu
Nu Opatan Kakawihan
“Tin, Tin, Manintin
Toroktok, Tok
Nguuuk
Gengngng!”
Kitu Jeung Kitu
Disarada Patembalan
Suka Bungah Kakawihan
Memeh Surup Sarangenge.
SILIH TULUNGAN
Nyiruan Dina Pancuran
Titeuleum Meh Bae Paeh
Titiran Nenjo Nyiruan
Kanyaah Mapaes Hate.
Geuwat Metik Dangdaunan
Diragragkeun Kana Cai
Ngarayap eTa Nyiruan
Teu Tulus Nemahan Pati.
Titiran Ku Paninggaran
Diintip-Intip Dipanah
Nyiruan Mulang Tarima
Nyeureud Bitis Paninggaran.
Paninggaran Ngagurubug
Teu Tulus Manah Titiran
Geus Lesot Kabeh Bangbaluh
Lantaran Silih Tulungan.
BUDAK BUNCIR
Si Buncir Naheunkeun Bubu
Pareng Meunang Anggay-Anggay
Diwadahan Kana Batok.
Hayam Macok Anggay-Anggay
Si Buncir Boga Pamenta
Hayam Nu Jadi Gantina.
Hayamna Katinggang Halu
Atuh Paeh Saharita
Halu Nu Jadi Gantina.
Haluna Katincak Munding
Sabab Potong Menta Ganti
Si Buncir Dakwa Ka Hakim
Munding Milikna Si Buncir.
Mundingna Katinggang Limus
Paeh Menta Digantian
Ku Ki Tani Diturutkeun
Buah Limus Matak Uruy.
Demi Nyi Putri Ningali
Kacida Pisan Palayna
Limus Dipesek Dituang
Seep Ngan Tinggal Pelokna.
Nyi Putri Jadi Gantina
Buncir Teras Salin Rupa
Jangkung Pohara Kasepna
Katelahna Gandarasa.
BUDAK HIDEUNG
Budak Hideung Goreng Rupa
Buuk Ngarambueuk Rintit
Ku Indung Pulung Diasih
Lantaran Ku Daekanana.
Teu Saeutik Nu Ngahina
Pasrah Narimakeun Nasib
Kanikmatan Tanpa Tepi
Permata Nu Pangmahalna.
Si Hideung Muka Buntelan
Horeng Eusina Teh Waluh
Dibantingkeun Kana Batu
Bray Beulah Herang Ngagenyas.
Janggelek Hiji Nagara
Budak Hideung Salin Rupa
Satria Gagah Perkasa
Danuwarsa Katelahna.
CINGCIRIPIT
Ngariung Di Pakalangan
Waspada Ngantelkeun Curuk
Curuk Inggis Kacapit
Kacapit Ku Dampal Leungeun
Dampal Leungeun Dikeupeulkeun
“Jek-Jek Nong”
Nu Kacapit Tunggu Lawang.
NGADU PANGGAL
Prung Tarung Di Pakalangan
Nu Jadi Kawih Pamuka:
“Tung-Tung-Brung
Kali Tanjung
Barangbang Kali Parangpang
Padakutik Padasemprung”.
Breng Panggal Diparuihkeun
Muih Dina Jero Kalang
Beletak Papada Panggal
Panggal Ngacleng Ngagolepak
Panggal Muih Pangleletna
Punjul Ngajadi Raja.
TITINGGI ULA-ALI
Karembong Meulit Na Cangkeng
Tungtungna Pada Nyekelan
Antay-Antayan Leumpangna
Niru-Niru Titinggi
Majuna Ongko-Ongkoan
Bulat-Beulit, Arula-Arileu
Nguriling Kukurilingan
Hulu Ngudag-Ngudag Buntut
Sina Neangan Nu Leungit.
Nu Dimaksud Geus Kapanggih
Buntut Kudu Jadi Hulu
Ari Hulu Jadi Beuheung
Kitu Jeung Kitu Tuluyna
Sagala-Gala Walatra
Taya Nu Paheula-Heula.
LANGLAYANGAN
Langlayangan Kumalayang
Ngalayang Di Mega Malang
Paheula-Heula Jeung Heulang
Sukan-Sukan Sukahayang.
Mipir Langit Nyorang Mega
Nyawang Anggang Di Buana
Amparan Handapeunana
Tanah ENdah Alam Sunda.
SURUNG MUNDING
Surung Munding, Surung Munding
Kaulinan Budak Lalaki
Ngutamakeun Kakuatan
Nu Maen Pahareup-Hareup
Pakuat-Kuat Tanaga.
Surung Munding, Surung Munding
Nu Lalajo Suka Bungah
Ngariung Bari Ngarawih:
“Gere Tong-Gere Tong
Nu eLeh Dipotong
Gere Tong-Gere Tong
Nu eLeh Dipotong”.
Gere Tong-Gere Tong
Parancah Memeh Lumampah
Ngagere Hate Lalaki
Ludeung Teuneung
Rahayu Jaya Waluya.
CAANG BULAN
Baheula Nu Dipigandrung
Caang Bulan Opat Welas
Ngabungbang Pinuh Kabungah
Galumbira Gogonjakan
Bari Kakarawihan
Laguna Lagu Bulan Tok;
“Bulan Tok, Bulan Tok,
Bulanna Sagede Batok,
Didudut Disantok,
Aya Ucing Keur Anakan”.
Meungpeung Bulan Ngaganteng
Arulin Masing Aranteng
Nganteur Kahayang Nu Manteng.
PACICI-CICI PUTRI
Dampal Leungeun Nu Katuhu
Nu Kenca Oge Nya Kitu
Ditangkubkeun Ka Palupuh
Disodorkeun Keur Ngariung
Ditunjukan Bari Imut
Ditetel-Tetel Ku Curuk
Kawihna Lagu Nu Matuh
Dikawihkeun Ku Lulugu:
“Pacici-Cici Putri
Terelek Kembang Celempung
Ada Nona Ada Tuan
Kalau Mau Kembang Apa?”
“Hayang Kembang Kamuning!”
“Hoyah, Ari Balik Nungtun Munding!”
Nu Ngariung Surak Kabeh
Gogonjakan Suka Bungah.
ULIN DI WALUNGAN
Ngabring Arindit
Arulin Ka Walungan Seja Ngojay
Jleng Gejebur, Jleng Gejebur
Ngarojay Patengah-Tengah
Ngalangkarak Babalapan
Papalidan Ka Hilirkeun
Palila-Lila Teuleumna
Icikibung Peperangan
Silih Simbeuh Silih Cemplang.
TUKEURAN IEU SAJAK
Tukeuran Ieu Sajak
Ku Salambar Simbut Atawa Samak Saheulay
Heug Rungkupkeun Ka Barudak Nu Teu
Kaburu Heuay
Pating Golepak Dina Trotoar
Tukeuran Ieu Sajak Ku Beas Wuluh Atawa
Heucak
Heug Sidkahkeun Kanu Haropak
Anu Marangkuk Di Saung Atawa Di Kolong
Sasak
Tukeuran Ieu Sajak
Ku Sababaraha Siki Pelor
Heug Tembakkeun Kana Genggerong
Koruptor Manipulator
Sina Enya Kalojor
Tukeuran Ieu Sajak
Ku Beubeutian Tina Kalbu Anu Rido
Keur Nyebor Anu Balangsak
(Lamun Teu Kitu Sasaak)
(Yus Rusyana, Ciliwung, 19 Juli 1966)
WASIAT KONGLOMERAT
Lamun Apih Paeh
Pangbungkuskeun Ku Salambar Boeh
Ladang Ngeleketek
Tina Rupa-Rupa Proyek
Lamun Apih Nemahan Pati
Pangmesenkeun Padung Jati
Ladang Ngumpulkeun Komisi
Jeung Rupa-Rupa Korupsi
Kontrak-Kontrak Nucan Diteken
Jeung Spk-Spk Nu Can Dilaksanakeun
Awurkeun Luhureun Paesan
Na Tetengger Heug Tulisan
Parantos Mulang Ka Kalanggengan
Apih, Konglomerat Tuladan
(Taufik Faturahman, 1992, Galura No.38)
PANGBALIKAN
Iuh, Iuh Gunung Kuring
Angin Ulin Dina Embun-Embunan
Sawaktu-Waktu Kuring Kudu Nepungan
Dumeh Hirup Halabhab Cinta
Di Maranehna Nya Ayana
Aya Sababna Kuring Tibelat
Aya Sababna Kuring Pegat
Tapi Nu Ahir Lain Kaabadian
Kakasih Dina Hate Ngawih Deui
Iuh,iuh Gunung Kuring
Nyata, Nyata Tanda-Tanda
Ngabalungbung Jalan Hirup
Nepi Ka Nyawa Rek Asup
Ka Maranehna Kuring Rek Balik
Ka Maranehna Kuring Rek Pamit
(Wahyu Wibisana, Ciawang ,28-7-56, Tina
Kanjutkundang)
Leuwi
Sora Nu Tinggerendeng
Teu Weleh Saheng
Di Leuwi Aing
Laut Nu Tan Istirah
Teu Weleh Motah
Di Leuwi Aing
Di Leuwi Aing
Sagala Teu Weleh Betah
Sagala Teu Weleh Motah
Lalakon I
Mangsa Budak Resep Ulin
Ngarucu Bulan
Mangsa Rumaja Resep Wanoja
Ngumbar Asmara
Nincak Sawawa Narik Jangkar
Ngambah Sagara
Geus Kolot Mah Kari Tapakur
Isuk Sore Ngitung
Umur!
Lagu Hirup
Unggal Poe Unggal Lengkah
Nataan Tanggal Dina Kalender
Angger Aya Nu Diarep-Arep
Ari Umur Melesat Henteu Kajeueung
Dina Beja Dina Carita
Teu Weleh Aya Nu Miheulaan
Warna-Warni Kajadian. Teu Kapireng
Da Puguh Katalimbeng Rusiah
Dina Sakeclak Cimata. Aya Kasedih
Nu Teu Kedal. Dina Kongkolak
Kahirupan. Aya Nu Miang
Teu Mulang Deui
(Eddy D. Iskandar, 1992)
"Dosa*
Datangna Teu Karasa
Kawas Impian Janari
Jiga Nimat Jiga Sawarga
Tapi Lamun Pajar Geur Peuyar
Karasa Diri Leuwih Rucah Manan Meri
Inget Ka Basisir Tempat Balabuh
Di Mana Layar Geus Rapuh
Dosa
Leuwih Amis Manan Anggur
Mun Seug Nembag Dada Nu Diabur
Tapi Di Mana Tumiba Lara
Kaduhung Poe Make Ditundung
Duh Gusti
Najan Ka Mana Nya Indit
Dosa Teu Weleh Ngukuntit
Gupay Lembur
Gupay-Gupay Panineungan Kiwari
Nembongan Deui
Basa Rek Ningalkeun Lembur, Rek Miang
Tolabul Ilmi
Kacipta Ema Jeung Bapa, Gugay Jajap
Pangharepan
Di Bandung Muga Sing Jucung, Gancang
Mulang Ka Sarakan
Gupay-Gupay Panineungan Kiwari
Nembongan Deui
Basa Beus Ninggalkeun Stanplat, Hae Mah
Puguh Tibelat
Kacipta Cisoca Ema, Nu Rambisak Kingkin
Sedih
Pileuleuyan Dayeuh Garut, Kapaksa Urang
Papisah
Munggaran Hirup Di Bandung
Beungeut Lembur Kapigandrung
Disusukan Marak Lauk
Balap Ngojay Ulin Leutak
Luhur Pasir Peperangan
Hanaang Ngala Duwegan
Lalakon Manjang Di Bandung
Lembur Ngan Ukur Galindeng
Duriat Ngan Dina Lebaran
Betah Ditempat Ngumbara
Pageuh Jeung Adeg Sawawa
Gupay-Gupay Panineungan Kiwari Nembongan
Deui
Katingtrim Hirup Dilembur Ngahariring
Ngajak Mulang
Kacipta Ema Jeung Bapa, Nelengnengkung
Nimbang Incu
Ngan Hanjakal Sagalana, Nu Di Jugjug
Geus Teu Aya
Kamerdekaan
Kamerdikaan Teh, Jang
Jukut Ngemploh Sisi Jalan
Nu Teu Weleh Katincakan
Ku Nu Resep Mabal Jalan
Kamerdikaan Teh, Jang
Jukut Ngemploh Di Sampalan
Dihakanan Ingon Aburan
Atawa Diararitan
Tapi Teu Weleh Parucukan
Kamedikaan Teh, Jang
Waruga Aki-Aki Nu Rangkebong
Dada Ngagambang Panon Celong
Teu Ari Mikiran Hutang
Hujan Poyan
Deuleu, Panonpoe Huhujanan
Boa Pohaci Marandi
Ieung, Panonpoe Teh Cirambay
Boa Aya Nu Digupay
Sssttt, Geuing Ieu Hujan Poyan
Boa Karuhun Keur Moyan
Meri
Di Alam Dunya
Asana Moal Aya
Nu Bisa Hirup Sauyunan
Cara Meri Saabrulan
Mun Nu Ngangon Nitah Ka Katuhu
Bring Ngatuhu
Mun Nu Ngangon Nitah Ka Kenca
Bring Ngenca
Bari Disarada:
Wek Wek Wek!
Di Alam Dunya
Asana Moal Aya
Nu Bisa Hirup Basajan
Cara Meri Saabrulan
Dahar Cukup Saaya-Aya
Kumaha Nu Rek Maraban
Mun Keur Diabur
Lolodok Di Sawah Batur
Bari Disadara:
Wek Wek Wek!
Nini Anteh
Di Langit Bulan Nembongan
Cahayana Hurung Ngempur
Ngadamaran Alam Dunya.
Di Bulan Nini Keur Anteng
Ngentrung Ninun Kaen Poleng
Awak Nini Mani Bongkok
Balas Terus Bae Ninun
Meureun Geus Rebuan Taun.
Di Bulan Nini Bumetah
Dibaturan Candramawat
Buluna Nu Tilu Warna
Watekna Matak Diasih.
27. Budak Hideung
Budak Hideung Goreng Rupa
Buuk Ngarambueuk Rintit
Ku Indung Pulung Diasih
Lantaran Ku Daekanana.
Teu Saeutik Nu Ngahina
Pasrah Narimakeun Nasib
Kanikmatan Tanpa Tepi
Permata Nu Pangmahalna.
Si Hideung Muka Buntelan
Horeng Eusina Teh Waluh
Dibantingkeun Kana Batu
Bray Beulah Herang Ngagenyas.
Janggelek Hiji Nagara
Budak Hideung Salin Rupa
Satria Gagah Perkasa
Danuwarsa Katelahna.
28. Silih Tulungan
Nyiruan Dina Pancuran
Titeuleum Meh Bae Paeh
Titiran Nenjo Nyiruan
Kanyaah Mapaes Hate.
Geuwat Metik Dangdaunan
Diragragkeun Kana Cai
Ngarayap ETa Nyiruan
Teu Tulus Nemahan Pati.
Titiran Ku Paninggaran
Diintip-Intip Dipanah
Nyiruan Mulang Tarima
Nyeureud Bitis Paninggaran.
Paninggaran Ngagurubug
Teu Tulus Manah Titiran
Geus Lesot Kabeh Bangbaluh
Lantaran Silih Tulungan.
29. Cingciripit
Ngariung Di Pakalangan
Waspada Ngantelkeun Curuk
Curuk Inggis Kacapit
Kacapit Ku Dampal Leungeun
Dampal Leungeun Dikeupeulkeun
“Jek-Jek Nong”
Nu Kacapit Tunggu Lawang.
30. Ngadu Panggal
Prung Tarung Di Pakalangan
Nu Jadi Kawih Pamuka:
“Tung-Tung-Brung
Kali Tanjung
Barangbang Kali Parangpang
Padakutik Padasemprung”.
Breng Panggal Diparuihkeun
Muih Dina Jero Kalang
Beletak Papada Panggal
Panggal Ngacleng Ngagolepak
Panggal Muih Pangleletna
Punjul Ngajadi Raja.
31. Langlayangan
Langlayangan Kumalayang
Ngalayang Di Mega Malang
Paheula-Heula Jeung Heulang
Sukan-Sukan Sukahayang.
Mipir Langit Nyorang Mega
Nyawang Anggang Di Buana
Amparan Handapeunana
Tanah ENdah Alam Sunda.
32. Budak Sakti
Budak Leutik Bisa Ngapung
Jangjangna Kulit Salapis
Hiberna Di Langit Peuting
Ludeung Ngambah Jomantara
Disadana Tingkoreak
Karesepna Bubuahan
Nu Amis Semu Kareueut
33. Tanah Sunda
Hejo Pagunungan Paul Lautan
Hejo Paul Langit Na Hate Kuring
Masing Dimana Kuring Nangtung
Masing Kamana Kuring Leumpang
Tanah Lembok Tempak Bumetah
Angin Nyeot Nyiuman Tarang
Masing Dimana Anjeun Nunjuk
Masing Iraha Anjeun Cumeluk
Kuring Mo Mumpang , Kuring Rek Datang
Neueulkeun Tarang , Neueulkeun Jantung
Kuring Tungtung Teteupan
Kuring Tungtung
Teteupan
Tuntung Bedil
Ngincer Dada
Kuring Geus Nyaksian Getih Ngabayah
Getih Maranehna Nu Mikacinta Anjeun
Kuring Geus Nyaksian Panon Carelong
Tanggah
Jasadnu Ruksak Ngalungsar Na Dada
Anjeun
Hejo Pagunungan , Paul Lautan
Taya Kamarasan Ngan Katugenahan
Hejo Pagunungan , Paul Lautan
Taya Katengtreman , Ngan Ancaman !
34. Kahayang
Tengah Peuting Nu Simpe
Kuring Hudang Sorangan
Nitenan Kahirupan Jeung Nasib
Nitenan Kaayaan Indung Bapa
Walurat Nu Aya
Kuring Hayang Boga Buku
Buku Nu Bakal Nyaangan ELmu
ELmu Nu Bkal Ngaronjatkeun Kahirupan
Hirup Bagja Jeung Aya Guna
Loba Harta Loba Harti
Loba Dulur Loba Sobat
Loba Kahayang Salilana
Kahayang Nu Mawa Sumanget
35. Bandera Urang
Ngerab-Ngerab Katebak Angin
Beureum Bodas Matak Waas
Dua Warna Pulas Polos
Perlambang Wangi Tur Suci
Teguh Tangguh Tur Gagah
Dina Perang Tarung
Suka Rajet Batan Ngejat
Kajeun Lebur Naruhkeun Pati
Bumela Ka Nagara
36. Mun
Mun, Gunung-Gunung Geus Jadi Lembur
Pasawahan Jadi Perumahan
Walungan Kari Ngagulaan
Pakebon Jadi Gedog Sigrong
Mangka Langit Bakal Pinuh Polusi
Anginna Nebar Sekarat
Naraka Keur Pangungsina
Sawarga Nyingkah Teuing Kamana
37. Lubar
Na Hiliwir Angin Takbir
Sabada Saum Ahir
Neda Sih Hapunteun Pisan
Tina Sadaya Kalepatan
Urang Setrakeun Karungsing
Ku Cihampura Nu Wening
Neda Hampura
Tina Rupining Codeka
Nu Mengpar Tina Tatakrama
Moga Simpay Baraya Teras Lama
Dugi Panturay Raga Jeung Nyawa
Neda Hapunteunna
Tina Sagala Dosa
Urang Siram Kalepatan
Ku Ciasih Tur Kaheman
Beas Kulub Bungkus Jamur
Hapunten Mun Abdi Lepat
38. Dosa
Gusti,
Sanaos Abdi Teu Kantos Balaka
Tangtos Salira Uninga
Abdi Kantos Milampah Nirca
Ayeuna Kacipta ‘Na Mangsa Diri Puasa
Mugi Salira Maparin Lolongkrang
Ngawidian Abdi Ngudag Kahayang
Nebus Napsu Nu Mingkang Gumiwang :
Nu Setra Tina Nista , Nu Sepi Tina
Karisi
Paparin Abdi Rasa Ni’mat Anu Natrat
Sarta Bagja Anu Lana
Tina Kaendahan Tan Wangenan
39. Halodo Teuing Ku Panjang
Langit Keur Jongjon Leleson
Kabaribinan Nu Recetna Sora Manuk
Nu Panting Geleber Di Buruanana
Newakan Hiliwir Angin
Ubar Awak Nu Bayeungyang
Sabot Nguniang Manuk Geus Nyarumput
Manten
Kana Dahan Tatangkalan Anu Ranggas Teu
Daunan
Akarna Nanceb Kana Dada Bumi
Nu Nyongkere Dina Gawir , Teu Walakaya
Tikoro Garing Halabhab Kabina-Bina
Langit Ngan Ukur Ngaheruk
Lain Teu Surti Rea Nu Geus Butuheun Ku
Cai
Tapi Teu Bisa Majar Kumaha Najan Geus
Lila Tatahar
“Ti Kami Mah Ngan Karicur”
Ceuk Langit Sorana Dareuda
“Ngan Panonpoe Can Keneh Mere Parentah”
Pannpoe Teu Tarima Disalahkeun
Muncereng Bari Ngahaok ,
“Sidik Kami Keur Nganti-Nganti
Panitah!”
Suorana Ngaheab Panas
Manjangkeun Halodo Nu Beuki Teuas
Tukeuran Ieu Sajak
Tukeuran Ieu Sajak
Kusalimbar Simbut Atawa Samak Saheulay
Uheug Rungkupkeun Ka Barudak Anu Teu
Kaburu Heuay
Patinggolepak Dina Trotoar
Tukeran Ieu Sajak
Ku Beas Wuluh Atawa Heucak
Heug Sidkahkeun Ka Nu Haropak
Anu Marakuk Disaung Atawa Di Kolong
Sasak
Tukeuran Ieu Sajak
Ku Sababaraha Siki Pelor
Heug Tembakkeun Kan Genggerong Koruptor
Manipulator
Sina Enya Kalojor
Tukeuran Ieu Sajak
Ku Beubetian Tina Kalbu Anu Rido
Keur Nyebor Anu Balangsak
(Lamun Teu Kitu Sasaak)
Putrasunda.com
Keretas Bodas
Éta kérétas
Nu asalna bodas nyacas
Mimiti digambaran ku alam nu éndah
Gunung-gunung nu ngajungkiring
Laut nu léga
Sawah nu ngampar héjo
Dihias ku katumbiri
Ditambah ku langit biru nu iuh
Tapi ayeuna
Éta lukisan geus boléas
Pinuh ku kokotor
Pinuh ku lebu
Teu éndah deui
Siga baheula